B. Daerah

Pertanyaan

pupuh pucung ngabogaan sipat atawa watek anu

1 Jawaban

  • Pupuh pucung ngabogaan sipat atawa watek anu ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kusabab teu saluyu jeung hate. Pupuh nyaeta patokan atawa aturan nu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Conto puisi Sunda nu biasa ngagunakeun aturan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Aya 17 rupa pupuh nu dibagi jadi dua kelompok nyaeta nu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit.

    Pembahasan

    Pupuh pucung kaasup kana pupuh Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh biasa ditepikeun atawa dihaleuangkeun ngagunakeun sawatara rupa tembang. Kusabab kitu, pupuh sering oge disebut tembang. Pupuh Sekar Ageung biasa ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh Sekar Alit biasana ngan saukur ngagunakeun sarupa tembang.

    Guguritan biasa ngagunakeun pupuh Sekar Ageung atawa Sekar Alit. Sedengkeun wawacan biasana ngan ngagunakeun pupuh Sekar Ageung wungkul. Aturan dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh pucung nyaeta 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a.  

    Puisi Sunda saperti guguritan jeung wawacan sok disebut puisi Sunda nu kaiket ku aturan nyaeta kaiket ku aturan pupuh. Sedengkeun sajak sok disebut puisi Sunda nu henteu kaiket ku aturan. Kukituna sajak kungsi disebut "sajak bebas". Kitu oge kawih, kaasup kana wangun puisi nu teu kaiket ku aturan. Kusabab kitu, kawih sok disebut lalaguan bebas.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Pengertian pupuh, dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12829092
    • Pengertian dari pada, padalisan, guru wilangan, guru lagu https://brainly.co.id/tugas/1375274
    • Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : V

    Mapel : Bahasa Sunda - Kahirupan

    Bab : 2

    Kode : 5.13.2

Pertanyaan Lainnya