B. Daerah

Pertanyaan

jieun kalimah make basa lemes ceker hayam

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
    Kelas : IX (3 SMP)
    Pembahasan :

    Ungkara tina "ceker hayam" saperti "siga ceker hayam" kaasup kana ungkara anu disebut gaya basa. Ungkara siga ceker hayam disebutna gaya basa ngumpamakeun atawa simile. Dina basa Sunda aya sawatara kecap atawa ungkara anu bisa dilarapkeun boh dina kalimah lemes boh dina kalimah kasar, sanajan eta kecap atawa ungkara teh mangrupa kecap atawa ungkara anu kaasup kana kecap kasar.

    Biasana kecap atawa ungkara anu kitu teh nyaeta saperti ungkara anu aya dina pakeman basa (saperti babasan, paribasa, gaya basa, mamanis basa, jeung sajabana), ngaran patempatan, jeung sajabana ti eta. Sanajan aya dina kalimah lemes, eta kekecapan teh henteu perlu dirobah jadi kekecapan anu lemes. Conto kalimah lemesa anu make ungkara "ceker hayam" nyaeta saperti "Seratan Kang Udin mah siga ceker hayam, sesah pisan diaosna".

Pertanyaan Lainnya